Jalan balik anu kadua ti Pananjung (ayeunaPangandaran) liwat daerah leuweung Priangan tepi ka
Pakuan (cunduk aing ka Pananjung, ka gedeng nusa Wuluhen, meuntas aing di Ciwulan, …kapungkur Gunung
Galunggung, …datang ka bukit Cikuray, ngalandeuh aing ti inya, …Eta na bukit Patuha, …Itu Tangkuban Parahu,
…Itu ta na Gunung Sunda, …meuntas aing di Cisokan, …Sadatang ka bukit Ageung, eta hulu Cihaliwung,
kabuyutan ti Pakuan, sanghiang Talaga Warna). Keur gambaran tapak jalan Bujangga Manik anu panjang,
nyaeta ti keraton di Pakuan, ka Pakancilan, terus meuntas walungan Cihaliwung, ka Cileungsi, Citeureup,
Timbun (Tambun?), meuntas walungan Citarum, Cilamaya, Cipunagara, Cimanuk, Gunung Ciremay, Kuningan, meuntas walungan Cisinggarung (Cisanggarung), Cipamali, Cicomal, ka Batang, Pakalongan, Padanara (Semarang), Demak, Gegelang, Bubat, Majapahit, Gresik, Gunung Brahma (Bromo), Panarukan, Balungbungan, meuntas ka Bali.
Balik ka Balungbungan, nusa Barong (Pulau Barung di Jawa Timur), Lamajang (Lumajang), Gunung Mahameru
(Semeru), Balitar, Gunung Marapi (Merapi), Mataram, Adipala (daerah Banyumas), meuntas ka walungan
Cisarayu (Serayu), Sagaraanakan, walungan Citanduy, datang ti Pananjung, terus tapak jalan anu sarua ka
Pakuan.
Salian ti eta disebutkeun sababaraha ngaran tempat di luar Jawa jeung Bali nyaeta Malaka, Bangka, Makasar,
Palembang, Parayaman, Jambi, Keling (India), Cina, Gedah (Kedah di Malaysia), Lampung, Tanjungpura (di
Kalimantan), Cempa (di Vietanam), Malayu, Pasay (di Aceh), Salembu (?).
Diantara 55 ngaran tempat anu disebut ku Sanghiyang Siksakandang Karesian, sawareh diantarana tos
disebatkeun tina naskah Bujangga Manik tadi. Tapi sawareh deui teu disebutkeun, nyaeta di luar nusantara
nyaeta Medinah jeung Mekkah (di Arab), Parsi (Iran), Mesir, Banggala, jeung Nagara Dekan (India), Pegu
(Myanmar), Kelantan, Kedah jeung Pahang (Malaysia).
Lamun wilayah nusantara nyaeta Surabaya, Samudra Tulangbawang, Ogan, Kumering, Andalas, Minangkabau,
Manumbi, Indragiri, jeung Sakampung di Sumatera; Buton di Sulawesi; Sasak jeung Sumbawa di Nusatenggara;
Seram jeung Solor di Maluku; Buwun, Sela, Buretet, Lawe, Jenggi, Sabini, Kanangen, Simpangtiga,
Gumantung, Tego, Badan, Babu, Nyiri, Sapari, Patukangan, Solodong, jeung Baluk. (Aya ma nu urang
dek ceta, ulah salah geusan nanya. Lamun dek nyaho di carek paranusa ma : carek Cina, Keling, Parasi, Mesir,
Samudra, Banggala, Makasar, Pahang, Kalanten, Bangka, Buwun, Beten, Tulangbawang, Sela, Pasay, Parayaman, Nagara Dekan, Dinah, Andeles, Tego, Maloko, Badan, Pego, Malangkabo, Mekah, Buretet, Lawe, Saksak, Sembawa, Bali, Jenggi, Sabini, Ngogan, Kanangen, Kumering, Simpangtiga, Gumantung, Manumbi, Babu,
Nyiri, Sapari, Patukangan, Surabaya, Lampung, Jambudipa, Seran, Gedah, solot, Solodong, Indragiri,
Tanjungpura, Sakampung, Cempa, Baluk, Jawa; sing sawatek paranusa ma, Sang Jurubahasa Darmamurcaya
tanya.)
Tina 81 ngaran daerah anu aya tina naskah Carita Parahiyangan aya sababaraha daerah anu teu disebutkeun
tina naskah Bujangga Manik jeung Sanghiyang Siksakandang Karesian, diantarana Medangjati, Kendan
(di Nagreg, Bandung), Menir, Galuh, Muntur, Parahiyangan, Arile, Saunggalah, Kahuripan, Winduraja,
Nusalarang, Rancamaya, Rajagaluh, Wahanten Girang, jeung Ciranjang anu aya ti daerah Tatar Sunda; Merapi
jeung Kali Praga di Jawa Tengah jeung Barus di Sumatra Utara.
Singhoreng hampir sakabeh data geografis anu disebutkeun cocok pisan jeung data geografis anu jadi
sumber naskah sajarah primer anu mangrupa prasasti, naskah lain carita Portugis, jeung banda titinggal
sajarah kabuyutan, saperti Kebon Kopi II, Kawali, Sanghiyang Tapak, Batutulis, Kebantenan, Huludayeuh,
keur ngaran-ngaran tempat di Jawa Tengah, Jawa Timur, jeung daerah sejen di nusantara. Tulisan urang
Portugis, Tome Pires (1513), Baros (1512, 1522, 1526, 1546), Duarte Barbosa (1500-1517), jeung Peter Floris
(1610-1615) keur ngaran tempat di daerah nusantara jeung luar nusantara. Jadi, data ieu anu disebut kana
naskah lontar Sunda kuna mangrupakan data sajarah anu hargana teu kaitung ku duit sabaraha oge.
Aya pertanyaan, ku naon urang Sunda abad ka-16 bisa nyaho data-data geografis anu daerahna kaasup Asia anu sakitu gedena? Masalahna urang Sunda dikenal ku batur nyaeta jalma anu teu suka ngarantau, salian ti ngumpul jeung barayana di taneuh manehna lahir siga papatah kurung batok jeung bengkung ngariung bongkok
nagronyok.
Lamun sifat urang Sunda anu tadi dikaitkeun jeung wawasan geografis anu tadi, kira-kira teu saimbang anu
disangka ku batur yen urang sunda teh kurung batok. Naskah Bujangga Manik ngabejakeun yen aya kabiasaan
urang Sunda anu ngumbara ka luar daerah Sunda, tina hal ieu ka Jawa jeung ka Bali. Salian ti eta, urang
Sunda biasa hubungan jeung awak kapal jeung naek kapal laut; eta hartina loba urang sunda anu ka luar tempat
manehna lahir.