NGABUBURIT (Sasih Shaum)
Alhamdulillah, teu karaos geningan nyerelekna waktos teh. Asa kakara pisan kamari ngalakonan ibadah shaum ramadhan, terang-terang ayeuna tos nincak dei kana wanci bulan puasa.
Pribados mah ngawitan shaum teh ti umur opat taun taun, tapi eta oge da henteu pinuh. Tabuh 12 siang oge parantos buka, ceuk bahasa kolot mah eta teh disebat puasa ayakan cenah, alias puasa tapi nu aya dihakan... :
Nincak sataun tidinya nembe sim kuring tiasa puasa dugi keun ka rengsena, sanes kunaon-kunaon da saleresna sim kuring mah teu pati ruab-raeb, alias teu pati resep kana barang dahar, otomatis dimana nincak bulan puasa teh atoh we nu aya, moal deui dicarekan ku si mamah gara-gara telat dahar.
Keur urang sunda mah ritual puasa ti baheula tepi ka ayeuna sarua, kitu-kitu keneh. Nu ganti-ganti teh paling-paling suasana jeung sikep dina nyanghareupan atawa ngajalankeun puasa.
Keur budak mah biasana sagala diajangkeun keur buka puasa. Permen, amis-amis geus dibeuli ti isuk keneh jang ngabatalan. Geus gede mah teu kitu. Saayana bae. Katambah-tambah pan loba kagiatan, jadi teu malulu mikiran beuteung nu pupurilitan. Kabangbrangkeun.
Biasana wanci pasosore teu budak teu kolot ngalider ka luar, ngabangbrangkeun godaan tinu pibataleun puasa bari nungguan dur bedug maghrib. kagiatan eta teh sok disebut Ngabuburit. dina acara ngabuburit eta rata-rata sok dipake jalan-jalan atawa ayeuna mah sok dimanfaatkeun keur balanja dahareun keur tajil.
Kiwari kecap "ngabuburit" teh dipake jadi bahasa nasional, duka kumaha tah caritana bet bisa dipake jadi bahasa nasional. nu jelas mah memang teu aya kecap dina bahasa Indonesia anu sapadan jeung kecap Ngabuburit.
Ngabuburit teh sanes ngabubur beurit : , tapi ditilik tina asal kecap na tina "burit" nu hartosna wanci sareupna alias maghrib, ditambihan kecap panganteur "nga-" pikeun negeskeun yen ieu teh kecap pagawean (kata kerja). naha henteu jadi "ngaburit" atuh nya ?, sumuhun da ari ngaburit hungkul mah moal janten hartos naon-naon, nu matak ditambih deui pangulangan dina kecap burit janten "ngabuburit" nu hartosna "migawekeun sababaraha atawa hiji hal pikeun ngeusi/nungguan wanci burit" dina hal ieu nyaeta wanci maghrib-wanci na Buka Puasa.
Upami di bahasa Indonesia keun janten naon nya "ngabuburit" teh? "bermaghrib-maghrib","me-maghribkan",atawa "menunggu maghrib".. ah janten lieur, nu pasti mah upami dipaksakeun moal tepat kana hartosna... hehehe
Wilujeng Shaum Parakanca FBI.