B. SESEBATAN KA JALMA NGABANTUN TINA RUPA/WANDA/KAAYAANANA
Montok = awakna seseg tur sehat.
Bongsor = Haloghog=Enggal ngaageungan.
Kutet = salirana alit wae.
Belekesenteng = Buta-tulang,buta-daging,meujeuhna gede wawanen, rosa tanaga.
Geulis = istri nu gaduh rupa sae.
Kasep = Pameget nu gaduh rupa sae.
Bahenol = istri geulis taya cawadeun, pikabitaeun pameget.
Songgeng = Bujurna nonjol ka pengker, cangkengna dengkeng.
Telebeng =Bebeng/rada lintuh, teu aya cangkengan.
Budayut = Bureuteu, patuangan nyemplu.
Gembru = Budak lintuh.
Lenggik = Istri nu cangkengna alit.
Ceking = salirana alit/begang.
Bayuhyuh = Pameget nu lintuh.
Bucitreuk = Patuangan ageung/nonjol, salira alit.
Pacer = Bitisna alit.
Gembil = Pipina lintuh.
Bongkok = Tonggongna bengkung.
Bongkok meongeun = Bengkung palebah punduk.
Jebleh = lambey handap ngampleh.
Jeding = Lambey luhur nyudik.
Denggol = Tarangna nongnong.
Deleng = panempona/panenjona = menceng.
Ciriwis = rambutna carang.
Beke = salirana pendek.
Peang = salirana kuru, teu saimbang sareng jangkungna.
Pincang = sampeanana alit sapalih.
Pinced = Tetepokanana(Sakedik luhureun pingping/caket birit), luhur sapalih.
Rijep = socana sering ngerejep/keukeureuceuman.
Ngohngor = Waosna nonjol ka payun.
Tonggar = waos luhur nonjol ka payun.
Deog-pengkor = Ngagepor teu tiasa mapah.
Bedegul = Salirana besekel.
Bopeng = Dina damis (pipi) seueur ceda tilas cacar.
Pecak = socana teu ningal sapalih (sabeulah).
Bewosan = Pipi sareng gado pinuh ku bulu.
Sipit = Siki socana ali (sapertos soca Cina/Jepang).
Bolotot = siki socana ageing.
Rebing = Daun cepil (ceuli)na rubak.
Lolong = socana teu ningal, duanana.
Rejeh = biwir socana beureum tur caian wae.
Pengkeh = Sampeanana leter 0.
Teklok = sampeanana leter x .
Egang = mapahna ngageang, sapertos murangkalih nu nembe disepitan.
Ponges = pangambungna cacad.
Suwing = Lambey luhurna mung sapalih/cacad.
Butak = Rambutna teu janten/murudul/dugul semu herang.
Pireu = Teu tiasa nyarios.
Torek = Teu tiasa ngadangu/nguping.
Cadel = Nyariosna teu bentes, lebah nyebat huruf R.
Candael = nyariosna anca.
Gehgeran = Sok nurutan cariosan atanapi gerak batur/latah.
Saliwang/liwar = sering lepat nguping/sapertos nu kirang dangu.
Sumbiar = Upami ningal, teu anteb, kamana karep.
Mikung = Cepilna alit, daun cepilna kewung(semu murungkut).
Cameuh = Gadona nyueut ka payun.
Kampeng = Sirahna penjol.
Buntet = Salirana pondok.
Jebrag = Dampal sampeanana meber ka gigir.
Kiting = Rema/Ramona merengkel.
Kempreng = pananganana paeh teu tiasa diobahkeun.
Cenggsehan = Remana aya nu dempet.
Keueuseun = Waos murangkalih aya teu janten sapalih, dugi ka siga ompong.
Karehol = Waosna teu beres.
Galing = rambutna merengkel.
Galing muntang = Galing tungtungna wungkul.
Kempot = Damis/Pipina ngalewo upami imut, sapertos liang undur-undur. bIasana istri. Sok nambihan geulis.
Bule = Kulit sareng rambutna sapertos Walanda.
Hideung santen = Semu hideung, mulus sareng beresih.
Gondok = panyawat dina tenggek (beuheung), ngagayot.
Gondok-laki = bagian tulang genggerong/tikoro nu nonjol(dina tenggek pameget).
Sengkek = Tenggekna/beuheungna pondok.
Ompong = waosna parunglak.
Harigu-manukkeun = Dadana rada nonjol ka payun.
Taktak-korangeun = Taktakna mudun (teu simetris), sapertos korang.
Hulu-peutieun = Sirahna alit, teu saimbang sareng salirana.
Beuteung-anjingeun = Patuanganana neros ageung ka luhur, sapertos beuteung anjing.
Beuteung-bangkongeun = Patuanganana rubak ka gigir.
Bengo = Baham/sungutna menyon ka kiwa/tengen. Biasana akibat struk, incok, atanapi nyabut waos lalawora.