Di luhur geus dicaritakeun yen fungsi kujang teh jadi pusaka, pakarang, pangarak, pakakas.
1. Kujang Pusaka: daya kasakten kujang ngandung ajen sakral kakuatan gaib (kasakten), pikeun ngajaga kasalametan diri kulawarga jeung masarakat sangkan jauh tina bahaya.
2. Kujang Pakarang: ukuranana leuwih pondok ti batan pakakas, tapi bisa dipake nubles, ngeureut jeung ngaraheutan. Wangunna (sacara hipotesis) bisa jadi disaluyukeun jeung karakter urang Pajajaran anu defensif dina nyanghareupan marabahaya, jauh tina sikep ofensif. Sakumaha nu kaungel dina pedaran pakujajar Majajaran anu nyaritakeun: “Sunda Pajajaran lain mudu pinter perang, tapi mudu pinter diperangan”. Dina carita pantun beunang disebutkeun taya carita anu meberkeun karajaan Pajajaran “nyerang” atawa “nalukkeun” karajaan lian. Tapi malahan digempur ku nagara lian. Dumasar kana karakter Pajajaran anu defensif tadi, kujang lain jadi pakarang pikeun “nyerang” tapi ngan ukur pikeun “ngabela diri” mun geus kadesek. Cara ngagunakeun kujang ngan sakali ditubleskeun kana beuteung musuh. Mun ditarik bakal ngabudal-badil eusi beuteung, atawa ku sakali tubles oge musuh langsung sakarat atawa maot.
3. Kujang Pangarak (alat upacara): kujang pangarak dipakena dina kagiatan upacara. Carana dipanggul dina prosesi ku barisan lulugu. Wangunna: gagangna panjang jiga tombak, jadi bisa digunakeun dina kaayaan kadesek pikeun ngabela diri, ku jalan ditojoskeun atawa dilempagkeun ka musuh.
4. Kujang Pakakas (alat tatanen): gunana pikeun nutuhan tatangkalan waktu ngabukbak lahan keur huma. Nepi ka ayeuna masih dipake di lingkungan masarakat Kanekes (Baduy) jeung masarakat “pancer pangawinan”. Dina kaayaan darurat, kujang bisa dipake pikeun ngabela diri ku cara ditebaskeun lantaran kujang pakakas ukuranana leuwih panjang jeung rada gede.
Saha Wae Anu Sok Ngagunakeun Kujang?
Pantun Bogor kurang eces dina nyaritakeun naha ieu alat teh digunakeun ku sakabeh warga masarakat atawa henteu. Kujang ngan dipake ku para pangagung, nya eta para raja, prabu anom, golongan pangiwa, golongan panengen, golongan agama, para putri jeung kaum wanita, sarta para kokolot. Sedengkeun ra’yat biasa ngan ukur ngagunakeun pakakas, saperti: bedog, congkrang, sundung, jsb. Mun arinyana make kujang oge ngan sawates kujang pakakas pikeun kaperluan ngahuma. Dina urang hayang boga kujang henteu meunang sambarangan waktu milih. Tapi kudu nyaho heula status sosialna. Contona: kujang pikeun raja moal sarua jeung kujang pikeun balapati. Kitu deui kujang pikeun balapati kudu beda jeung kujang pikeun barisan pratulup jst.
Urutanana mimiti raja nepi ka kokolot anu biasa make kujang pikeun pakarang perang, nya eta : raja, lengser, brahmesta, prabu anom (putra makota), bupati panangkes jeung balapati, geurang seurat, para bupati pakuan jeung luar pakuan, para patih kaasup patih tangtu jeung mantri paseban, para lulugu, para kanduru, para sambilan, para jaro kaasup jaro tangtu, para bareusan, para guru, para pangwereg, para kokolot.
Ari nu disebut golongan pangiwa jeung panengen nyeta para pangagung anu jeneng prabu anom nepi ka golongan para bareusan, para guru jeung pangwereg.
Ayeuna urang pedar saha wae anu ngabogaan hak ngagunakeun.
kujang dumasar kana pancen jeung kalungguhan, kayaning:
Kujang ciung mata 9 anggoan para raja.
Kujang ciung mata 7 dipake ku mantri dangka jeung prabu anom.
Kujang ciung mata 5 dipake ku geurang seurat, bupati paningkis jeung para bupati Pakuan. Kujang jago dipake ku balapati, para lulugu jeung sambilan.
Kujang kuntul dipake ku para patih (patih puri, patih taman, patih tangtu, patih jaba, jeung patih palaju) oge dipake ku para mantri ( mantri majeuti, mantri paseban, mantri layar, mantri karang jeung mantri jero).
Kujang bangkong dipake ku guru sekar, guru tangtu, guru alas, guru cucuk.
Kujang naga dipake ku para kanduru, para jaro (jaro awara, jaro tangtu, jaro gambangan). Kujang badak dipake ku para pangwereg, para pamatang, para palongok, para palayang, para pangwelah, para bareusan, prajurit, pratulup, pangawin, sarawarsa jeung para kokolot.