Kang Pistol_aer, kapungkur teh parantos diwaler, tapi duka kumaha da reply post na teu pucunghul2 wae...
cing ah urang dienggalan deui, upami nami SD Cibadak mah duka tos lami abdi teu ngadangu kang, tapi ari bangunan na mah masih keneh aya, mung panginten nami-na tos digentos.. da seueur ayeuna mah nami2 SD nu tos digentos.. jigana mah imbas tina program SDBI/RSBI, abdi kapungkur lulusan SDN Melong Asih, ayeuna mah nami-na digentos janten SDN Melong Mandiri I - RSBI.. kitu panginten kang...
Jengkol mah aya usumna, ekol mah euweuh...
Tah... ari ekol teh naon deui kang? sabangsaning naon nya....
walah ciroyom-cijerah-...sukajadi dugi ka cicaheum : mah kaulinan kapungkur abi :
abi mah ti tasik a zuli
Kutan teh kitu.... waduh geningan teu nyangki si Akang ieu jarambah oge... : :
duh.. ngadangu Tasik teh janten emut ka Neng Imas...
duka teuing Tasik na dimana Neng Imas teh.... aduhh janten sono ka Neng imas kieu ieu teh :