Baheula, waktu kuring kakara asup SD, di Bandung, kuring sok kaget ku babaturan anu ngaromongna sok ditambahan kecap "Anjir". Singhoreng cenah ceuk kolot mah kecap Anjir teh lesepan tina kecap "anjing" (sanes sato tapi ieu mah makian).
Lamun kuring liburan ka lembur (Garut), Urang lembur oge mun ngaromong memang sakapeung garihal, tapi nyata henteu ari make kecap "anjing" mah. Tepi ka ayeuna kuring asa risih lamun ngobrol make kecap "anjir" da nyaeta asa sarua wae jeung nyebut "anjing" ka nu diajak ngobrol.
Jadi timana atuh awal muasalna kecap "anjir"?, ceuk babaturan mah Cenah kecap Anjir teh mucunghul lain ti kampung dusun meledug nu teu kungsi ngahakan sakolaan, tapi ti kota, khususna ti Bandung. :
Ieu kecap sering diucapkeun ku Urang Cina dina ngambek ka pagawena, maksudna meureun, supaya peureus jeung karasa kanu dicarekanana. Nya kulantaran ari di kota mah jelemana campur, lain urang Sunda wae, teu pati ngarti yen ngucapkeun "anjir" teh sarua we jeung nyebut "anjing" kanu ngobrol, kecap "anjir" jadi populer, Tapi kulantaran "dipikaresep" sigana mah,jeung ngeunaheun wae nyebutkeunna, nya ahirna ayeuna nerekab kamana-mana, pangpangna ka tempat-tempat sabudeureun Bandung (Sumedang, Garut ...jst),
Kecap samodel kieu, aya dina basa sejen oge, contona dina basa Inggris oge aya kecap "FUCK" nu diumbar dimana-mana. Tapi sigana henteu ari dina hal-hal nu resmi jeung media publik mah. Biasana dina novel atawa pilem sok kaluar kecap-kecap ieu, meureun supaya saujratna nembongkeun kaayaan nu sabenerna dina dialog hiji masyarakat.
Anjir oge kitu sigana mah, malahan ayeuna mah aya deui kecap papadanna tina Anjir nyaeta "ANJRIT" nu cenah mah hartina teh "Anjing Ngajerit" wah.. wah.. wah.. asa leuwih parah tina kecap Anjir atuh ari kitu mah.. :
Kamari ieu Kuring panggih jeung Kang Herman, lanceukna babaturan, cenah kecap Anjing, Anjir, atawa Anjrit mah kasebut kasar teh di Kota Bandung, da di wewengkon sejen mah kecap nu paling kasar teh nyaeta "Bagong" jeung "Tangkurak".. duka di wewengkon mana da kuring ge teu pati lila ngabahas eta basa..
Cing lah ayeuna mah, nyuhunkeun tulung yeuh ka para saderek di FBI,
anu gaduh kempelan basa2 kasar mangga di reply di handap thread ieu..
sanes kunaon2 da ieu mah supados abdi terang we kecap-kecap naon wae nu dianggap kasar...
hahaha.. resep jigana nya..
ningali postingan reply ieu thread,
eusina bahasa kasar hungkul... :
cag heula ah...
diantos reply "Bahasa Kasar-na" ku sim kuring . . .