N
Ngajul bulan ku asiwung, Mesek kalapa ku jara : Usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil.
Ngadu angklung di pasar : Papaduan nguruskeun nu euweuh mangpa’atna di hareupeun jalma loba.
Ngadu ngadu rajawisuna : Mawakeun omongan si A ka si B jeung sbalikna, temahna si A jeung si B pasea, parerea omong.
Ngagulkeun payung butut : Ngagulkeun luluhur sorangan.
Nulungan anjing kadempet : Nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
Ngadaweung ngabangbang areuy : Pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi ka matak waas pacampur jeung sedih.
Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha : Nu hade jeung loba jasana ka diri urang, dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
Ngaliarkeun taleus ateul : Ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan batur.
Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam : Ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya sorangan.
Nginjing sila, bengkok sembah : Goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpinatawa dunungan.
Ngusap birit, bari indit : Kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit heula ka anu araya didinya.
naheun bubu pahareup hareup : Dina pangabutuh silih injeuman duit.
Ngabudi ucing : Teu wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
Ngodok liang buntu : Hese cape taya gawe, susah payah taya guna, sanajan tihothat oge moal atawa henteu beubeunangan.
Nyolok mata buncelik : Nganyenyeri, ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan : Ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
Nu borok dirorojok , Nu titeuleum disimbeuhan : Nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur nyeri ditambah kanyerina.
Nyeungeut damar di suhunan : Mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya dipuji.
Nyieun catur taya dapur : Nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
Ngadeupaan lincar : Ngadeukeutan anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung diajak dahar.
Nyieun pucuk ti girang : Pangheulana neangan piaseaeun.
Nangkeup mawa eunyeuh : Mawa cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
Ngagandong kejo susah nyatu : Loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
Nyium bari ngegel : 1.Omongannana hade ngan hate jeung maksudna goreng 2.salakina dipisobat ari pamjikanana dibogohan atawa sabalikna.
Ngagedag bari mulungan : Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api api geus nyaho bae.
Nyalindung ka gelung : Milu hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
Nya ngagogog nya mantog : Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
Nyieun heuleur jeroeun huma : Henteu raket jeung dulur pahare hare bae.
Nyanghulu kajarian : Ngawula ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
Nya di hurang nya dikeuyeup : Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae, mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah sarua bae.
Ngadek sacekn, nilas saplasna : Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa dikurangan.
Ngarep ngarep kalangkang heulang : Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana jeung sudah pihasileunana.
Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri : Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
Ngarep ngarep bentang ragrag : Ngarep ngraep nu pamohalan bakal kasorang atawa kajadian.
Nu edan dikendangan, nu burung diangklungan : Ngahamina carita tukang wadul.
Ninggang kekecrak : Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna deuih.
Ngeupeul ngahuapan maneh : Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
Ngodok liang jero : Teu hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
Ngadagoan kuah beukah : Ngadagoan pasesaan kadaharan ( Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae, anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu)
Ngukur ka kujur nimbang ka awak : Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan, pake jste disaluyukeun jeung pangala.
Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak : Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna, susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade, ngalawan ka anu jadi dunungan.
Nete porot ngeumbing lesot : Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal tarekah tapi teu hasil bae.
Ngaliarkeun taleus ateul : Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan anu lian.
Nimu luang tinu burang : Nambahan luang atawa pangarti waktu keur pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan : Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.