Ngiringan ah...
hiji poe aya preman anyar asup ka hiji pasar, tuluy mentaan duit ka unggal nu dagang tapi euweuh saurang-urang acan anu mere.. antukna preman anyar teh keuheul, tuluy gogorowokan di tengah-tengah pasar bari ngacung-ngacungkeun peureup na...
"jadi rek kitu wae ka aing teh!!! mun euweuh wae nu mere duit ka aing... ku aing diacak-acak siah ieu pasar !!!!!"
sabot keur gogorowokan kitu, aya hiji jelema nyampeurkeun a manehna, awakna jangkung gede.. leuwih gede ti eta preman, tuluy jelema eta ngomong "SAHA NU REK NGACAK-NGACAK PASAR TEH ??!!!!", si preman ngagebeg ningali pangawakan eta jelema, tuurna ngadak-ngadak nyorodcod, kawani-na ngadak-ngadak leungit... bari ngadegdeg tuluy manehna ngajawab... "hen..hen... henteu kang.. da diacak-acak oge ku abdi mah bade diberesan deui...."