Bismillah tuturus laku, muru gapura rahayu, banjaran jatining bagja, titi nu luyu saestu, tetep galeuh lelembutan, nyinglar syetan ngusir iblis, di palar setraning rasa, dipamrih surtining ati, melaan ucap jeung lampah, mangsana ngarumat jeung babakti ka nagri tur lemah cai, dina papantunan hirup manut lampahing ibadah sumerah ka Nu Kawasa.
Pitutur para Ratu, rawuh para karuhun anu mere tuduh jalan sangkan ulah kajongjonan, geura suprih ku pangarti, paruruh ku sakumna elmu, geura eling ka purwadaksi, emut ka tuturus laku, urang teh asal timana? Ayeuna cicing dimana? Lenyepan sing leres-leres, larapkeun na sanubari, disarengan kulampahna. Tanya heula eta rasa, talek heula eta hate, dimana ayeuna ngancik? Tekadkeun sing enya-enya pikeun sakabeh lakuna, bisi goreng balukarna, tina atikan nu munggaran, kasasar nya lampah, jeung buntu dina laku, yakin dina pamadegan sangkan meunang kabagjaan.
: